4 Contoh Dongeng Bahasa Sunda Singkat, Kocak, Penuh Pesan Moral, Ada Cerita Desa Cimaranten Loh?

- 25 Januari 2023, 16:50 WIB
Ilustrasi terkait deretan contoh dongeng bahasa sunda singkat penuh pesan moral
Ilustrasi terkait deretan contoh dongeng bahasa sunda singkat penuh pesan moral /Tangkapan layar/Instagram @keketfreezer

Sabenerna eta desa can lila jadi desa lamun di itung ti taun 2013 katukang karek 6 taun jadi desa, tadina kaasup ka desa tatangga. Kuperjuangan atawa usaha rahayat dipeukarken jadi desa.

Sanajan desa leutik loba pisan situs sajarah disakurilingna diantawisna lapangan bal tea, anu kieu rundayan caritana.

Ti taun 1950-1951 saentosna Indonesia merdeka rahayat wewengkon kidul kuningan genting riweuh kuseurangan DI TII anu di pimpin ku si Gojim katelahna eta teh disebutna Gorombolan tea.

Eta gorombolan gawe na ngabunuh, ngarampog rahayat beurang peuting, rahayat loba nu korban. Tiharita Tentara Indonesia turun anu dipimpin ku Panglima Kodam anu namina Ibrahim Adjie.

Tiharita perang campuh beurang peuting ngalawan gorombolan anu sarua mawa sanjata, ahirna rahayat jeung TNI ngahiji ngalawan gorombolan tea anu disebut Gerakan Pager Bitis anu sanjata na ku bambu runcing.

Tina perjuangan eta alhamdulillah ngabuahkeun hasil, gorombolan kateter eleh, kalayan harita keneh turun ti gunung nyerenkeun diri jeung anak buahna.

Tentara anu dipimpin ku Ibrahim Adjie ngabuahkeun hasil jeung si Gojim bisa turun nyerenkeun diri tiharita aya kapal helikopter turun ngadarat di lapangan bal eta, pikeun ngangkut si Gojim jeung anak buahna ka bandung pikeun di proses hukum.

Tiharita lapangan bal dingaranan Lapang Ibrahim Adjie pikeun pangeling-ngeling yen aya jasa perjuangan TNI anu dipimpin langsung ku Bapa Panglima Kodam Ibrahim Adjie.

3. LEGENDA GUNUNG SIANG

Dongeng bahasa sunda singkat selanjutnya berjudul "LEGENDA GUNUNG SIANG".

Dina zaman baheula,keur zaman legenda Sangkuriang sareng Dayang Sumbi. Singkat carita,basa sangkuriang gagal dina ngadamel parahu sareng ngabendung sungai syarat ti dayang sumbi pikeun nikah sareng mantena,sangkuriang henteu narima yen manehna teu tiasa nikah sareng dayang sumbi.

Halaman:

Editor: Siyam

Sumber: Berbagai Sumber


Tags

Artikel Pilihan

Terkait

Terkini

Terpopuler

Kabar Daerah